Saturday, March 9, 2013

Tarikh Islam - Bagian II (YPI ALMUSLIMUN)

Bismillahir Rahmanir rahim
=========================
10. Ti kawit murangkalihna
Nyata luar biasana
Akhlakna jeung pangartosna
Jadi catur sadayana

11. Malah keur yuswa Mantena
Nincak salapan tahun-Na
Nya dicandak ku paman-Na
Ka Syam rek dagang maksadna

12. Nya di hiji pangrereban
Ka paman-Na ngawartosan
Pandita ka-Nasronian
Tah cirina ka-Nabian

13. Mantena pangumahaan
Dina aya kasulitan
Jeung Mantena paneundeunan
Surgi titipan-titipan

14. Malah kungsi dipuntangan
Ngaislahkeun pertentangan
Pada nu boga pimpinana
Ampir timbul pertempuran

15. Padahal henteu ngalaman
Asup kana pendidikan
Kana bacaan-bacaan
Taya pangalaman pisan

16. Dina pergaulanana
Jeung tahapan barodona
Ti kawit ngangon dombana
Sampe perdaganganana

17. Ngan nyandak watek ku anjeun
Teu keresa kabawakeun
Dina hal pikuciwaeun
Nu Gusti heunteu ridoeun

18. Kana tindak kamusyrikan
Watekna geus benci pisan
Ngan bari tara gangguan
Samemeh aya seruan

19. Ka fakir-miskin nyaahan
Karesepna ngabelaan
Ka nu nuju kasusahan
Watekna palay neuleuman
=========================

Bersambung teman ke bagian III,
Semoga bermanfaat
Melangkah Bersama Menuju Mardotillah.
Wassalam



No comments: