Assalamu Alaikum Wr Wb,
Shobat bloger pada kesempatan kali ini Resti Yuliana Maulinakan berbagi Tarikh Islam namun Tarikh Islam ini kalau ditempat Resti biasa di baca dengan berima nadzom, maka disebutlah Nadzom Sejarah, oke langsung aja ke tkp teman.
Bismillahir Rahman Nirrahim
=========================
1. Urang kabeh kamistian
Nyaho sajarah jungjunan
Sangkan urang kadumukan
Dina enggoning manutan
2. Nya ieu rek diterangkeun
Sajarah nu diringkeskeun
Mayunkeun pikeun talareun
Nu lebarna teraskeuneun
3. Jungjunan urang wastana
Muhammad nu kamasyrhurna
Sayyid 'Abbullah ramana
Siti Aminah Ibuna
4. Di nagri Mekah medalna
Senen meneran poena
Robi'Ul Awwal bulan-Na
Kadua belas tanggalna
5. Dikantunkeun ku ramana
Nuju dibobotkeun-Nana
Yuswa ka genep taun-Na
Nya dikantun ku ibuna
6. Saba'da nilar ibuna
Ku eyangna dirawatna
Saba'da nilar eyangna
Ku Abu Thalib paman-Na
7. Nalika murangkalihna
Ngangon domba didamelna
Domba anu tatanggana
Malah sok nampi buruhna
8. Saba'dana dewasana
Nya ical-galeuh kasabna
Kanggo nyumponan huripna
Hurip anu sederhana
9. Dina salawe taun-Na
Tina yuswana Manten-Na
Kawitan istrianana
Nya ka Khadijah wastana
=========================
Bersambung shob ke Bagian II,
Semoga bermanfaat
Melangkah Bersama Menuju Mardotillah.
Wassalam
No comments:
Post a Comment